Selasa, 28 Februari 2012

Pinunjul Pasanggiri Pupuh Tingkat SMP

27 Pébruari 2012

Pinunjul Pameget
  1. Pinunjul ka-1 Novan Baihaqie, nomer tandang 19 ti SMPN 1 Pagerageung
  2. Pinunjul ka-2 Gandi Suryadi, nomer tandang 16 ti SMPN 2 Banjaran
  3. Pinunjul ka-3 Randi, nomer tandang 14 ti SMPN 2 Cilaku
 Pinunjul Istri
  1. Pinunjul ka-1 Fadila Nurasifah, nomer tandang 7 ti SMP Pasundan 1
  2. Pinunjul ka-2 Nia, nomer tandang 17 ti SMPN 3 Kuningan
  3. Pinunjul ka-3 Nada Destyara, nomer tandang 4 ti SMPN 2 Garut

Kamis, 23 Februari 2012

Hasil Gempungan Tehnis Pasanggiri Debat


Urutan midang (penyisihan):

1. SMAN 2 Kuningan (PRO)           >< SMA Pasundan 7 (KONTRA)
2. SMAN 2 Padalarang (PRO)        >< SMAN 1 Lembang "B" (KONTRA)
3. SMAN 1 Margahayu (PRO)        >< SMAN 1 Jonggol (KONTRA)
4. SMA Bina Muda (PRO)              >< SMAN 1 Lembang "A" (KONTRA)
5. SMAN 1 Tasikmalaya (PRO)      >< SMAN 4 Bandung (KONTRA)
6. SMA Merdeka Soreang (PRO)    >< SMAN 2 Cimalaka (KONTRA)
7. SMA Pasundan 1 Cianjur (PRO) >< SMAN 2 Cimahi (KONTRA)
8. SMA Ciasaat Sukabumi (PRO)    >< SMKN 4 Bandung (KONTRA)
9. SMAN 6 Bandung (PRO)            >< Pinunjul ti nu midang kahiji (KONTRA)
10. Pinunjul ti nu midang kadua langsung ka perempat final
11. SMK Merdeka Soreang              >< Pinunjul ti nu midang katilu (KONTRA)
12. Pinunjul ti nu midang kaopat     >< SMA YAS Bandung (KONTRA)


Tema midang saluyu jeung urutan midang, diantarana:

1.  SMK kudu Leuwih Loba tibatan SMA
2.  IPL (Indonesia Premier League) salaku Liga Resmi
3.  Bal Beton pikeun Ngahalangan Penumpang nu Naék dina Luhur Karéta
4.  Kawijakan Moratorium TKI
5.  Dileungitkeunana Remisi pikeun Koruptor
6.  Ngaran Akun Jejaring Sosial ku Ngaran Asli
7.  Boarding School
8.  Barudak Punk dibina sacara Militér
9.  UMR (Upah Minimum Regional) Ditangtukeun ku Pemerintah Provinsi/Gubernur
10. Dibentukna Provinsi Cirebon
11. Dibeulina 100 tank leopard urut pikeun alutsista militér
12. Hukuman Penjara pikeun Budak di Bawah Umur jadi sistem Réhabilitasi

Palanggeran Pasanggiri Debat

1.      Pamilon kudu hadir minimal 15 menit saméméh acara dimimitian.
2.      Patandang dianggap ngundurkeun diri nalika 5 menit acara geus dimimitian teu datang, sarta sanggeus dicalukan 3 kali.
3.      Basa panganteur kudu basa Sunda.
4.      Patandang teu meunang ngaganggu patandang séjén.
5.      Teu meunang mawa asumsi/argumén anu patali jeung sara, hususna agama.
6.      Patandang teu meunang mawa catetan.
7.      Lumangsungna debat dipimpin ku saurang panumbu catur/moderator.
8.   Waktu midang di babak penyisihan sarta perempat final, nya éta 20 menit, kalawan wincikan:
Waktu tandang dibagi tilu sési:
a. Sési 1:          Kamandang umum, maksimal 2x3 menit
b. Sési 2:          Gotra sawala, 2x5 menit
c. Sési 3:          Kacindekan, maksimal 2x2 menit
- Lampu héjo: ngamimitian debat pikeun patandang
- Lampu konéng:   tanda waktu nyarita badé réngsé (menit pamungkas)
- Lampu beureum: waktu nyarita séép
9.      Waktu midang di babak semi final, juara ka-3 sarta final, nya éta 23 menit, kalawan wincikan:
Waktu tandang dibagi opat sési
a. Sési 1:          Pra debat, 3 menit
a. Sési 2:          Kamandang umum, maksimal 2x2 menit
b. Sési 3:          Gotra sawala, 2x7 menit
c. Sési 4:          Kacindekan, maksimal 2x1 menit
- Lampu héjo: ngamimitian debat pikeun patandang
- Lampu konéng:   tanda waktu nyarita badé réngsé (menit pamungkas)
- Lampu beureum: waktu nyarita séép
Catetan:
  1. Tema kanggo babak perempat final, semi final, final, jeung perebutan pinunjul katilu ditangtoskeun nalika midang. 
 
Kanggo Informasi ngeunaan pasanggiri Debat tiasa ngahubungi 081323299841 (Aditia Ruganda 2009).

Hasil Gempungan Téhnis Pasanggiri Pupuh


Pupuh
1.      Urutan daptar midang ditangtukeun nalika daptar ulang
2.      Pamilon pupuh teu sawios ti kelas 7, 8, atawa 9.
3.      Teu tiasa diduétkeun lalaki jeung awéwé margi béda katégori
4.      Raksukan rapih, sopan atawa disaluyukeun jeung adat sunda. Raksukan lebet kana penilaian.
5.      Pupuh durma aya 2 versi, teu sawios badé nu nu gancang atawa nu laun.
6.      Saupama aya gangguan nalika midang, girang pangajen nu gaduh wewenang ngeureunkeun atawa diwangsulan deui.
7.      Patandang istri duanana ti unggal sakola teu sawios, nanging ulah leuwih ti dua urang.
8.      Sateuacan midang aya cék sound heula sareng pamirig.
9.      Pupuh wajib dihaleuangkeun dua balikan + sekar tandak skali. Pupuh pilihan merdika sakali jeung tandak sakali. Sekar tandak luyu sareng kaset.
10.  Surupan lagu wajib 52 upama teu kiat tiasa 54, atawa 56.
 
 
  Kanggo Informasi ngeunaan pasanggiri pupuh tiasa ngahubungi 085314497493 (I. Wahyudi Sofyan 2010).

Hasil Gempungan Téhnis Pasanggiri Sajak SMP/SMA


Sajak
1.      Katangtuan umum sareng husus taya nu dirobih
2.      Katangtuan umum jeung husus lumaku kanggo tingkat SMP jeung SMA
3.      Nomer tandang ditangtukeun nalika daptar ulang, sedengkeun urutan midang mah dikocok
4.      Pasanggiri sajak tingkat SMP sareng SMA dilaksanakeun dina ping 28 Pébruari 2012.
5.      Nalika midang teu dipaparinan nganggo backsound.
6.      Pengumuman pinunjul pasanggiri diumumkeun sabada pasanggiri unggal tingkat réngsé. Sabada pengumuman tingkat SMP, dilajengkeun ka pasanggiri tingkat SMA.
7.      Ieu pasanggiri sanés pasanggiri dramatisasi sajak atawa musikalisasi sajak, tapi pasanggiri maca sajak.
8.      Nalika midang dipaparinan mic kanggo dianggo ku pamilon.

Kanggo Informasi ngeunaan pasanggiri sajak tiasa ngahubungi 087823226302 (Prayoga Adiwisastra 2010).