Selasa, 17 Januari 2012

Pasanggiri Maca Sajak SMP

Pasangguri Maca Sajak Tingkat SMP/MTs Sa-Jawa Barat
Dinten, Kaping : Salasa, 28 Pébruari 2012
Tempat : Auditorium Lt.2 PKM UPI
Waktu : 08.00 WIB - rengse

1) Katangtuan Umum
a) Patandang nya éta siswa SMP/MTs sa-Jawa Barat.
b) Patandang maca 1 sajak wajib jeung salasahiji sajak pilihan anu geus ditangtukeun.
c) Nomer tandang kudu salawasna katitén ku girang pangajén.
d) Urutan atawa nomer midang ditangtukeun nalika gempungan téhnis (téhnikal meeting).
e) Patandang teu meunang ngaganggu pamilon séjén.
f) Patandang kudu tumut kana tata tertib nu geus ditangtukeun.
g) Patandang kudu hadir 15 menit saméméh kagiatan dimimitian. Patandang nu teu hadir dina waktuna dianggap ngundurkeun diri.
h) Patandang nu geus disebut tilu kali teu aya waé, urutan tandang dikatukangkeun.
i) Unggal sakola maksimal ngirimkeun 2 urang wawakil.
j) Jumlah patandang diwatesanan, nya éta 25 pamilon.
k) Patandang dipundut pas poto ukuran 3x4.
m) Biaya pendaptaran Rp 50.000,- ti unggal patandang
n) Hal-hal nu séjén nu can ditepikeun baris didugikeun dina gempungan téhnis (téhnical meeting)

2) Katangtuan Husus
a) Lumangsungna kagiatan pasanggiri maca sajak SMP/MTs
Dinten, ping : Salasa, 28 Pébruari 2012
Waktu : 08.00-12.00 WIB
Tempat : Gedung PKM Lt. 2
b) Aspék nu diajén ngawengku wirahma (artikulasi, intonasi, nada, tempo), wiraga (pangawasaan panggung, magelaran), jeung wirasa ( éksprési, rindat/mimik, rigig).





Tidak ada komentar:

Posting Komentar