Eksebisi dan Pameran
Aksara Sunda
Aksara Sunda
Pancaraken
Paméran parabot/pakakas tradisional has Sunda anu kiwari geus rada arang langka katut cara ngadamelna. Dina ieu kasempetan, rupa-rupa parabot/pakakas baris dipintonkeun kalawan dijelaskeun naon fungsi jeung kumaha cara makéna. Mugia ieu hal bisa ngawanohkeun deui kabeungharan kerajinan tradisional Sunda hususna ka barudak

Iket
Urang Sunda saenyana teu leupas tina ajén budaya anu luhur, salah sahijina nya éta iket. Kiwari iket téh mimiti dipikaresep deui ku masarakat Sunda, utamana rumaja. Kukituna taya salahna lamun dina Riksa Budaya SUda 2012 ieu ngawanohkeun modél-modél iket katut cara makéna.
Gamelan
Tiap séké séler bangsa miboga alat kasenian anu mangrupa cicirén éta bangsa. Di Tatar Sunda sorangan aya gamelan. Gamelan anu surupanna aya nu Pélog jeung Saléndro. Ku kituna di Riksa Budaya Sunda 2012 ngayakeun éksébisi pikeun saha waé anu hoyong diajar gamelan salami lumangsungna ieu acara.
Wikipédia
Wikipédia nyaéta énsiklopédi anu dijieun ngagunakeun software wiki, nu hartina singsaha waébisa ngarobah atawa ngeusian artikel énsiklopédi. Ayeuna parantos aya Sundapédia kanggo urang Sunda. Di Riksa Budaya Sunda ieu diwanohkeun jeung dipraktékkeun langsung.
Paméran Foklor Urang Sunda miboga pakakas anu kacida lobana jeung dijieunna tina alam. Pikeun ngawanohkeun pakakas-pakakas Urang Sunda anu sumebar di masarakat baheula.
Bazaar

Buku Sunda

Kaolahan has Sunda