Kamis, 23 Februari 2012

Hasil Gempungan Téhnis Pasanggiri Pupuh


Pupuh
1.      Urutan daptar midang ditangtukeun nalika daptar ulang
2.      Pamilon pupuh teu sawios ti kelas 7, 8, atawa 9.
3.      Teu tiasa diduétkeun lalaki jeung awéwé margi béda katégori
4.      Raksukan rapih, sopan atawa disaluyukeun jeung adat sunda. Raksukan lebet kana penilaian.
5.      Pupuh durma aya 2 versi, teu sawios badé nu nu gancang atawa nu laun.
6.      Saupama aya gangguan nalika midang, girang pangajen nu gaduh wewenang ngeureunkeun atawa diwangsulan deui.
7.      Patandang istri duanana ti unggal sakola teu sawios, nanging ulah leuwih ti dua urang.
8.      Sateuacan midang aya cék sound heula sareng pamirig.
9.      Pupuh wajib dihaleuangkeun dua balikan + sekar tandak skali. Pupuh pilihan merdika sakali jeung tandak sakali. Sekar tandak luyu sareng kaset.
10.  Surupan lagu wajib 52 upama teu kiat tiasa 54, atawa 56.
 
 
  Kanggo Informasi ngeunaan pasanggiri pupuh tiasa ngahubungi 085314497493 (I. Wahyudi Sofyan 2010).

Tidak ada komentar:

Posting Komentar