Selasa, 17 Januari 2012

Pasanggiri Nembang Pupuh SMP

Pasanggiri Nembang Pupuh Tingkat SMP/Mts/Satata Sa-Jawa Barat
Dinten, kamping : Senén, 27 Pébruari 2012
Tempat : Auditorium Lt.2 PKM UPI
Waktu : 08.00 WIB - Rengse

1) Katangtuan Umum
a) Patandang nya éta siswa/siswi SMP/Mts/Satata anu aya di wilayah Jawa barat
b) Jumlah wawakil unggal sakola teu leuwih ti dua urang (hiji istri hiji pameget)
c) Patandang kudu hadir minimal 30 menit saacan acara dimimitian
d) Patandang teu meunang ngaganggu patandang séjén anu keur midang
e) Patandang teu mawa atawa make téks nalika midang
f) Biaya pendaptaran Rp 60.000,-
g) Patandang dipundut dua lambar poto ukuran 3x4 cm
h) Patandang kudu salawasna merhatikeun tata tertib anu geus ditangtukeun

2) Katangtuan Husus
a) Urutan midang patandang diacak
b) Saupama patandang digero tilu kali teu nemonan,urutan midang dipindahkeun ka tukang
c) Patandang nu dipindahkeun ka tukang tilu kali, teu nemonan waé, dianggap gugur
d) Nomer tandang kudu salawasna katitén ku girang pangajén
e) Pupuh anu dipidangkeun ngawengku pupuh wajib jeung pilihan
Lalaki
Pupuh wajib : Durma
Pupuh pilihan : Sinom, Magatru, Maskumambang, Mijil, Gambuh, Wirangrong
Awéwé
Pupuh wajib : Juru Demung
Pupuh pilihan : Sinom, Magatru, Maskumambang, Mijil, Gambuh, Wirangrong
f) Pupuh anu pangheulana dipidangkeun nya éta pupuh wajib diteruskeun ku pupuh pilihan
g) Pupuh wajib dihaleuangkeun dua balikan
h) Surupan anu dipaké dina ieu pasanggiri pupuh nya éta surupan 52
i) Pupuh nu dianggo nya éta pupuh sanggian Ujang Supriatna

Tidak ada komentar:

Posting Komentar