Kamis, 23 Februari 2012

Hasil Gempungan Téhnis Pasanggiri Sajak SMP/SMA


Sajak
1.      Katangtuan umum sareng husus taya nu dirobih
2.      Katangtuan umum jeung husus lumaku kanggo tingkat SMP jeung SMA
3.      Nomer tandang ditangtukeun nalika daptar ulang, sedengkeun urutan midang mah dikocok
4.      Pasanggiri sajak tingkat SMP sareng SMA dilaksanakeun dina ping 28 Pébruari 2012.
5.      Nalika midang teu dipaparinan nganggo backsound.
6.      Pengumuman pinunjul pasanggiri diumumkeun sabada pasanggiri unggal tingkat réngsé. Sabada pengumuman tingkat SMP, dilajengkeun ka pasanggiri tingkat SMA.
7.      Ieu pasanggiri sanés pasanggiri dramatisasi sajak atawa musikalisasi sajak, tapi pasanggiri maca sajak.
8.      Nalika midang dipaparinan mic kanggo dianggo ku pamilon.

Kanggo Informasi ngeunaan pasanggiri sajak tiasa ngahubungi 087823226302 (Prayoga Adiwisastra 2010).

Tidak ada komentar:

Posting Komentar