Selasa, 17 Januari 2012

Pasanggiri Ngadongeng SD

Pasanggiri Dongéng Tingkat SD/Satata Sa-Jawa Barat
Dinten, Kaping : Jumaah, 2 Maret 2012
Tempat : Auditorium Lt.2 PKM UPI
Waktu : 08.00 WIB - rengse

1) Katangtuan umum
a) Patandang nya éta siswa/siswi SD/satata kelas 3-5 sa-Jawa Barat.
b) Unggal sakola ngintunkeun 1 patandang (boh awéwé boh lalaki).
c) Dongéng anu dipidangkeun judulna bébas, kalayan genre dongéng pabél.
d) Patandang kudu hadir 15 menit saméméh kagiatan dimimitian.
e) Patandang maké raksukan bébas (bisa disaluyukeun jeung kréatifitas séwang-séwangan) atawa saragam.
f) Nalika patandang digero 3x teu datang, urutan midang dipindahkeun ka tukang.
g) Lamun patandang teu datang kénéh, patandang dianggap ngundurkeun diri.
h) Waktu pikeun midang maksimal 10 menit minimal 5 menit.
i) Urutan nomor midang ditangtukeun nalika daptar ulang.
j) Aspék anu diajén nya éta:
  • Lentong
  • Gesture
  • Ekspresi
  • Artikulasi
  • Galur Carita
k) Nalika daptar ulang, patandang dipundut dua lambar poto berwarna ukuran 3x4, jeung nyerahkeun téks dongéng rangkap 3.
l) Hal-hal séjén nu can kasebut ditangtukeun nalika tehnikal meeting.
m) Jumlah pamilon diwatesan, nya éta 50 pamilon.
n) Patandang teu meunang ngaganggu patandang séjén nalika lumangsungna pasanggiri.
o) Biaya pendaptaran Rp 50.000,-
p) Hal-hal séjén nu can kasebut ditangtukeun nalika gempungan téhnis (téhnikal meeting).

2) Katangtuan Husus
a) Patandang maké raksukan bébas saluyu jeung judul dongéng nu dibawakeun.
b) Nalika patandang digero 3x teu datang, urutan midang dipindahkeun ka tukang.
c) Mun patandang teu datang kénéh, patandang dianggap ngundurkeun diri.
d) Waktu pikeun midang maksimal 10 menit.
e) Patandang milih salasahiji dongéng tina sababaraha pilihan nu geus ditangtukeun ku panata calagara sarta dibagikeun nalika daftar.
f) Urutan nomer pamilon ditangtukeun nalika daftar ulang.
g) Midangna patandang ditangtukeun ku cara dikoclok dumasar nomer pamilon.
h) Aspék anu dititén ngawengku: basa (Lentong, Artikulasi), éksprési, ngawasa bahan, jeung galur carita.
i) Hal-hal séjén nu can kasebut ditangtukeun nalika gempungan téhnis (tehnical meeting).



Tidak ada komentar:

Posting Komentar