Selasa, 17 Januari 2012

Pasanggiri Debat SMA

Pasanggiri Debat
Dinten, Kaping : Rebo, 29 Pébruari 2012
Tempat : Auditorium Lt.2 PKM UPI
Waktu : 08.00 WIB - réngsé

1) Katangtuan Umum
a) Patandang nya éta siswa/i SMA satata nu aya di tatar Jawa Barat.
b) Sakola ngirimkeun sa-regu atawa wawakil ti tiap sakola.
c) Unggal regu jumlahna 3 urang.
d) Jumlah patandang diwatesanan mung 20 kelompok (regu).
e) Téma debat baris didugikeun nalika teknikal meeting, iwal babak semi final jeung babak final.
f) Waragad pendaptaran Rp 75.000,-
g) Patandang dipundut dua lembar poto berwarna 3x4 cm

2) Aturan Debat
a. Patandang kudu hadir minimal 15 menit saméméh acara dimimitian.
b. Basa panganteur kudu basa Sunda.
c. Waktu midang per babak 20 menit.
d. Waktu nyarita patandang ti unggal kelompok 2x3 menit
e. Lampu héjo : ngamimitian debat pikeun patandang
Lampu konéng : tanda waktu nyarita badé réngsé (menit terahir)
Lampu beureum : waktos séép

f) Patandang teu meunang mawa catetan.
g) Lumangsungna debat dipimpin ku saurang panumbu catur (moderator).
h) Teu meunang motong caritaan lawan debat kajaba diwidian ku lawan debat (nu midang), nalika sanggeus 3 kali interupsi teu diwidian ku lawan debat, moderator boga wewenang pikeun méré kasempetan nyarita.
i) Ngangkat leungeun saacan nyarita, kalawan nyebut “interupsi”.
j) Interupsi pikeun nyawad kamandang lawan teu meunang leuwih ti 30 detik.
k) Unggal panyatur miboga hak pikeun ngabantuan anggota kelompokna nu keur midang.
l) Ngagunakeun sistim gugur.
m) Patandang dianggap ngundurkeun diri nalika 5 menit acara geus dimimitian teu datang, sarta sanggeus dicalukan 3 kali.
n) Patandang teu meunang ngaganggu patandang séjén.
o) Teu meunang mawa asumsi/argumén anu berbau sara, hususna agama.
p) Patandang salawasna kudu tuhu kana katangtuan nu geus ditepikeun.

3) Kriteria Meunteun (Penilaian)
a) Basa
b) Argumén
c) Katepatan wacana
d) Kakompakan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar